Roesdi jeung Misnem

R. Jayadireja & A. C. Deenik

  • ISBN : –
  • Genre : Novel
  • Ukuran : 14,5 x 21 cm (A5)
  • Cover : Softcover
  • Jumlah Halaman : 324 halaman
  • Berat : 500 gr

Roesdi jeung Misnem mangrupa judul hiji bacaan barudak Sunda, karangan R. Jayadireja jeung A. C. Deenik. Citakan munggaran buku ieu euweuh catetan taunna, sedengkeun édisi kaduana medal taun 1913, kalawan eusi nu béda di sababaraha tempat.

Ieu buku carios Roesdi jeung Misnem diajam pikeun ngalajengkeun bacaan di sakola handap sareng di sakola-sakola désa, maksadna pikeun diajar maos.

Laguna sareng pok-pokanana dina waktos nganggo ieu buku, peryogi dianggap nomer hiji. Ku margi éta aya sababaraha pasal anu ku guru kénging didamel paguneman. Sareng aya anu jadi pépéling panungtun kana kalakuan saé; jabi ti éta aya nu kénging nukil tina élmu kajadian, élmu pepelakan, élmu sasatoan sareng élmu bumi.