Pakeman Basa Sunda
Yayat Sudaryat
- ISBN: 978-979-419-457-7
- Ukuran : 14,5 x 21 cm
- Tebal: 224 Halaman
- Cover : Softcover
- Berat : 300 gr
Pakeman Basa Sunda medar perkara rakitan basa anu runtuyan kecap-kecapna rélatip matok atawa angger tur maksudna geus puguh, anu umumna ngandung harti kiasan atawa babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa. Najan kitu, henteu nutup kamungkinan yen pakeman basa téh aya parobahan, tapi robahna ngan sakecap atawa dua kecap baé, anu kapanggih dma basa Sunda.
Tangtu rupa-rupa pakeman basa téh. Bisa waé jumlahna henteu kaitung. Anu didadarkeun di dieu ngan pakeman basa anu bisa kacatet boh tina kahirupan sapopoé boh anu geus nyampak dma tulisan-tulisan saperti buku pangajaran, karya sastra, jeung kamus. Pakeman basa anu kacatet, di antarana waé, babasan, paribasa, kekecapan, kecap kiasan, rakitan lantip, cacandran, candrasangkala, uga, panyaraman, jeung wasiat.