Hiji Tanggal nu Dipasinikeun
Wahyu Wibisana
- ISBN : 978-979-419-479-9
- Ukuran : 14,5 x 21 cm
- Tebal : 172 Halaman
- Cover : Softcover
- Berat : 300 gr
Hiji Tanggal nu Dipasinikeun teh ngamuat 16 carita pondok Wahyu Wibisana nu ditulis taun 1956-1983.
Nuturkeun carita pondok Wahyu Wibisana dina ieu buku, anu diruntuykeun nurutkeun titimangsana (kronologis), lir ibarat urang nuturkeun deui lalampahanana anu natrat tur kawilang panjang. Miang ti Cisayong, ngumbara (atawa ngungsi?) ka Bogor, terus ka Bandung. Dina saincak-incakna, anu kabaca deui ayeuna, dina eta karya-karyana teh aya kamelang anu natrat lir duriat anu dihaja ulah sina pegat.
Carita-carita dikumpulkeun dina ieu buku, tur aya anu ditulisna ku Wahyu leuwih ti satengah abad ka tukang, memang geus umuran tur beunang disebutkeun bisa jadi pependeman anu kudu diguar ku entragan sabadana. Urang, anu macana ayeuna, babakuna anu geus katuncal mangsana, sasatna geus kahalangan ku anggang dina enggoning ngadumaniskeun jeung karya-karya Wahyu Wibisana teh. Tapi nya lebah dinya pentingna teh, sakumaha anu geus ditaratas ku Wahyu, nyambungkeun deui duriat supaya mayeng angger tibelat.