Absur

HD Bastaman

  • ISBN : 978-979-419-498-0
  • Ukuran : 14.5 x 21 cm
  • Tebal : 108 Halaman
  • Cover : Softcover
  • Berat : 300 gr

Tisaprak ngimpi tepung jeung budak lalaki ngora keneh, Aam Ramdani remen ngahuleng. Pangpangna mah, dina impian tea, budak lalaki teh milanceuk. Ari Aam teu ngarasa boga adi, da anak bungsu. Eta impian terus dipaluruh, nepi ka teu kahaja lanceukna nu awewe nyebutkeun yen baheula bapana kungsi tatamba di hiji lembur aya kana sataunna, lantaran katerap kasakit arateul meh di sakujur awak.
Dina hiji janari, Aam ge sarua deuih kaserang kasakit ateul. Renyem saawak-awak. Ray poe ray poe taya cageurna. Geus diubaran ku sagala rupa euweuh mendingna. Antukna mah, Aam ge kudu titirah ka lembur Cijamblang sangkan kasakitna cageur. Salila cicing sataun di eta lembur, Aam nyorang rupa-rupa kajadian, kaasup patepung jeung hiji awewe ngora nu milu ngubaran manehna.
Roman Absur karangan H.D. Bastaman nyaritakeun pangalaman batin tokoh “kuring” nu nyuaykeun rohang jeung waktu, nalungdk hiji rasiahnu kungsi ngalalar dina impian.