Surat ti Palmira
hadi aks
- ISBN : 978-623-221-857-4
- Genre : Kumpulan Carpon
- Ukuran : 14.5 x 21 cm
- Cover : Softcover
- Berat : 311 gr
Ieu kumpulan carita pondok ngahaja diwilah jadi dua bagian. Pangna kitu lantaran carpon-carpon anu dikumpulkeun dina ieu buku bawirasa némbongkeun kasang tukang anu béda. Lain baé mangsa ditulisna anu kacida anggangna, tapi jejer pasualanana jeung éstétikana ogé béda deuih. Carpon-carpon dina bagian kahiji minangka karya anu ditulis dina awal kapangarangan simkuring, taun 1980-an—saheulaeun carpon-carpon nu aya dina kumpulan carpon Oknum (1998).
Bagian kadua, minangka carpon-carpon anu ditulis ti taun 2010-an tepi ka ayeuna—paanggang 20 taun sabada carpon carpon anu ditulis dina bagian kahiji. Lain baé geus nyingkah tina pasualan manusa lembur, tapi bisa jadi téma jeung éstétika karyana ogé geus béda. Pasualan hirup manusa kota jeung alam nu ruksak minangka téma-téma anu ngawarnaan ieu bagian.