Bagal Buntung Hayangeun Walagri
AJIP ROSIDI
- ISBN : 978-979-3631-54-7
- Genre : Carita Wayang
- Ukuran : 14,5 x 21 cm (A5)
- Cover : Softcover
- Jumlah Halaman : 78 halaman
- Berat : 200 gr
Dina ieu buku dimuat carita wayang carangan, tapi dina tradisi wayang kulit Cirebon, sanajan ditulisna dina basa Sunda (wayang kulit Cirebon dipintonkeunana make basa Cirebon). Dina wayang kulit purwa Cirebon, Semar katut anak-incuna jumlahna salapan. Jadi leuwih rea manan dina wayang golek purwa Sunda, anu anak Semarna ngan aya tiluan: si Cepot, Dawala jeung Gareng. Dina wayang kulit purwa Cirebon mah anak Semar teh salian ti anu tilu, aya Sekarpandan atawa Curis, Ceblok, Cungkring atawa Petruk, Bitarota, jeung Bagalbuntung. Gareng jeung Bagalbuntung mah disebutna lain anak Semar, tapi incuna.
Cara umumna carita carangan ditempatkeunana dina mangsa samemeh perang Baratayuda tapi nagara Amartapura geus ngadeg. Ari kasangtukangna mah rea dumasar kana rupa-rupa hal anu aktual, da saenyana wayang teh apan jadi salah sahiji sumber babandingan pikeun anu lalajona dina nyanghareupan hirup dina jamanna.