Masyitoh

AJIP ROSIDI

  • ISBN : 978-979-3631-53-0
  • Genre : Drama Tilu Babak
  • Ukuran : 14,5 x 21 cm (A5)
  • Cover : Softcover
  • Jumlah Halaman : 100halaman
  • Berat : 250 gr

Waktu Kangjeng Rasulullah Saw. Isra ti Masjidil Haram di Mekah ka Masjidil Aksha di Darussalam, ngambah buana nu keur ngageubra sare, nitih bu­rok nu lumpatna sagancangeun kilat, pelenghir aya aangseuan nu kalintang seungitna, dugi ka reg an­jeun­na ngarandeg, pok naros ka malaikat Jibril nu nyarengan jajap.
”Naon ieu teh mana seungit-seungit teuing, ya Jibril?”
”Seuseungitan nu asalna ti makamna Masyitoh.”
”Saha ari Masyitoh teh?”
”Hiji emban urang Israil nu ngawulaan putrina Fir’aon, nu geus ditibanan hu­kum-pati, ku lantaran henteu daek ninggalkeun kapercayaanana ka Allah SWT. Masyitoh milih tumpur-lebur sapiri-umpi ma­nan kudu mangran ka Fir’aon papada jelema ….” (tina hiji hadis)