Tri Tangtu di Bumi 

yoseph iskandar

  • ISBN : 978-623-7670-26-1
  • Genre : Novel Sunda
  • Ukuran : 21 x 15 cm
  • Tebal: 92 Halaman
  • Cover : Softcover
  • Berat : 250 gr

Tri Tangtu di Bumi mangrupa roman sajarah nu ngagambarkeun pangalaman Pamanah Rasa, putra Prabu Dewa Niskala ti Kawali, nu ngumbara ka kaler, nikah ka Nyi Ambetkasih tuluy ka Putri Subanglarang nu ngalahirkeun Walangsungsang, Larasantang, jeung Sangara nu ngagem agama Islam milu ka indung. Pamanah Rasa oge dipulung mantu ku Prabu Susuktunggal di Pakuan. Malah waktu aya paketrok paham antara mitoha jeung bapana, Pamanah Rasa nu geus diangkat jadi Prabu Anom di Pakuan, mihak ka mitoha, da cek anggapanana bapana ngalakukeun kasalahan. Inyana usaha satekah polah supaya paketrokna eta dua raja teh teu nimbulkeun peperangan antara dua nagara nu asalna hiji, nyaeta Sunda. Salian ti eta, Pamanah Rasa nenjo aya bahaya nu jolna ti Demak nu geus Islam. Yoseph lain bae nembongkeun panemuna ngeunaan sajarah Sunda, tapi alus deuih dina ngagambarkeun tokoh-tokohna tur sacara tapis ngamangpaatkeun unsur-unsur carita pantun.