Teu Tulus Paeh Nundutan

ki umbara

  • ISBN : 978-623-7670-76-6
  • Genre : Kumpulan Carpon
  • Ukuran : 14 x 21 cm (A5)
  • Cover : Softcover
  • Jumlah Halaman : 82 halaman
  • Berat : 250 gr

Dina kumpulan carpon Teu Tulus Paeh Nundutan, kapidangkeun dalapan carpon nu ngagambarkeun kaayaan urang Sunda dina nyanghareupan pasualan kahirupanana. Upamana, nu hayang lulus ujian kalah ka datang ka kuburan, nu hayang beunghar kalah ka muhit dedemit. Dina ieu buku katembong tarekah Ki Umbara pikeun nyebarkeun da’wah Islam. Pangarang netelakeun yen manusa mah leuwih punjul ti batan siluman-sileman. Saperti dina carpon “Mang Merebot Dipinangsaraya”, tokoh nu pangkatna ukur merebot, bisa meruhkeun babanteng karajaan di nagara siluman nu rék ngaraponan manehna. Ku kituna, merenah pisan upama Ki Umbara kasohor minangka sastrawan Sunda nu ngabaladah genre sastra da’wah.