Sanggeus Umur Tunggang Gunung 

USEP ROMLI H.M.

  • ISBN : 978-623-7670-86-5
  • Genre : Kumpulan Carpon
  • Ukuran : 14 x 21 cm (A5)
  • Cover : Softcover
  • Jumlah Halaman : 96 halaman
  • Berat : 250 gr

Bari ngalempreh teu daya teu upaya, Japarana nyileuk. Kabeh geus laleungitan ti sakuriling dirina. Sora tonggeret. Sora turaes. Dalah sora sinsow ragaji mesin nu ngagalaksak oge, geus teu kadenge. Bareng jeung rubuhna tatangkalan. Bareng jeung bung-bangna leuweung, bulistirna pasir jeung gundulna gunung.

Sagala karasa. Sagala kaharti. Sanggeus sagala karasa nyiksa awak, Japarana humarurung. Nahan kanyeri. Nahan kahanjelu. Nahan pananya, naha malakalmaot tacan datang mapag. Jeung ngira-ngira kasanggup nanggung jawab rupa-rupa kalakuan, ti barang kasebut baleg nepi ka umur tunggang gunung, di mahkamah yaumul ahir engke.