Murang Maring

godi suwarna

  • ISBN : 978-623-7670-96-4
  • Genre : Kumpulan Carpon
  • Ukuran : 14 x 21 cm (A5)
  • Cover : Softcover
  • Jumlah Halaman : 104 halaman
  • Berat : 200 gr

Para pangagung nagara marawa poster, demons­trasi, lantaran ngarasa diteungteuinganan ku ra­hayat. Pedah eta, rahayat ngahenang-ngahening, ngeunah nyandang ngeunah nyanding, ari para pa­mingpin awak begang pikir rungsing. Enya, di nagara nu sugih mukti mah, nu demonstrasi teh pa­mingpin ka rahayat, sakumaha anu kapanggih dina carpon “Murang-Maring”.

Geus hamo bireuk, kumaha gaya Godi Suwarna di­na ngarang carpon. Boa baris dituding ngaruag pakem, ngajungkir-balikkeun logika. Teu kaseng­ker ku alam katut kailaharan. Pangarang ngeunah bae nepungkeun Oidipus jeung Sangkuriang, ngantep Kean Santang jeung Lodaya terah Pajajaran sina tarung, atawa mapandekeun Si Kabayan ka Si Regang jalma kuru rengkung jangkung lir regang paragi moro langlayangan.