Maung Bayangan

etti r.s.

  • ISBN : 978-623-7670-89-6
  • Genre : Kumpulan Sajak
  • Ukuran : 14 x 21 cm (A5)
  • Cover : Softcover
  • Jumlah Halaman : 88 halaman
  • Berat : 200 gr

Geus dina sajak-sajakna anu munggaran, Etti nembongkeun dirina minangka hiji panyajak anu sawawa, boh dina pilihan ungkarana boh dina sikep dirina. Dina sajak-sajak Etti, kalimah-kalimah basajan jiga anu sacara otomatis jadi metafora anu mere harti rangkepan, nu nyababkeun sajakna winangun ku lapisan-lapisan makna anu dina waktu maca munggaran mah tacan kakobet. Etti ngamangpaatkeun anasir-anasir puisi Sunda tradisional kayaning purwakanti, metafora jeung lian-lianna sacara tapis tur efektif. Kadeudeuhna ka banjar karang pamidanganana, kawanohna kana sajarah katut tokoh-tokohna, kitu deui karesepna anu taya sudana ngaprak ka seseluk nu salingkur pilemburanana, jiga cinyusu anu ngagelenggeng jadi sumber sajak-sajakna.

~ Ajip Rosidi