Kembang nu Dipitineung 

tety s. nataprawira

  • ISBN : 978-623-221-823-9
  • Genre : Sastra Sunda
  • Ukuran : 14 x 21 cm
  • Cover : Softcover
  • Berat : 90 gr

Kembang nu Dipitineung téh gelaran carita katresnan antara Dimas jeung Sekar. Dua insan nu pajauh lembur—Dimas di Jogja, Sekar di Bandung—dilawungkeun munggaran tina surat nu nyasab. Tepi ka silih pikawanoh nu teleb. Laun-laun duanana kalepasan silih mikahéman, najan sama sakali can kungsi panggih.

Mutuh teu gampang miara rasa dina jirim nu paanggang téh. Rupa-rupa goda rancana wara-wiri piligenti. Ngarobéda ka nu silih paanteng duriat. Saha ari Héndra, Iwan, atawa Faisal? Kumaha ari Dadang jeung ibu-ramana Sekar? Naha enya Dimas jeung Sekar téh antukna bisa ngahiji luyu jeung impianana?