Istri-istri nu Dipihormat

memen DURACHMAN

  • ISBN : 978-623-221-821-5
  • Genre : Novel
  • Ukuran : 14 x 21 cm
  • Cover : Softcover
  • Berat : 127 gr

Istri-istri nu Dipihormat téh lalakon tilu wanoja: Déwi Kunti (Ketua DPRD Kota Bandung), Déwi Kania (Walikota Bandung), jeung Déwi Asri (Ketua DPRD Provinsi Jawa Barat). Tiluanana pada-pada béda carita. Tiluanana boga jalan nu sarua. Tiluanana boga cita-cita nu sarua rohaka: hayang ngarobah urang Sunda sangkan jadi masarakat nu dinamis. Cocoba datang taya cacapna. Tampolana lain baé masarakat nu kudu dibebenah téh, urusan doméstik gé sarua perlu dibébérés. Wuwuh panasaran nalika pribadi-pribadi séjén hadir mangaruhan jalan carita: Siti Masyitoh, Husnul Khotimah, Ihlasiah, jst. Angot waktu manggihan sawatara kajadian nu matak hareneg, cara tingkah jalma codéka, atawa hubungan cinta anu teu wajar.