Basa ka Olivia
Surachman r.m
- ISBN : 978-623-221-797-3
- Genre : Sajak Sunda
- Ukuran : 14 x 21 cm
- Cover : Softcover
- Berat : 115 gr
Surachman R.M., dibabarkeun tanggal 13 Séptémber 1936 di kota Garut, salian di lemah cai, Surachman R.M. nyiar élmu hukum di Amérika Sarikat, Jepang, Belanda, jeung Inggris. Sering milu konferénsi internasional. Kungsi mancén gawé jadi jaksa di sawatara kota di Jawa Barat. Saterusna ditarik ka Kejaksaan Agung nepi ka tingkat puncakna PNS, Pembina Utama (IV/E).
Kumpulan puisina nu geus medal: Surat Kayas (Balai Pustaka, 1967), Basisir Langit (Balai Pustaka, 1976), Di Taman Larangan (Kiblat Buku Utama, 2012) kapilih jadi nominasi Hadiah Rancagé 2013. Nu kaopat nya nu ieu, Basa Ka Olivia (Pustaka Jaya, 2021). Dina basa Indonésia geus medal kumpulan puisi: Di Balik Matahari (Budaja Djaja, 1974), jeung Seribu Kekupu (Kiblat Buku Utama, 2012). Di antara sajak-sajakna aya nu nyalin kana basa Inggris, Prancis, Jérman, jeung Romania.