Sabalakana
Dadan Sutisna
- ISBN: 978-979-419-460-7
- Genre : Novel Sunda
- Ukuran : 14,5 x 21 cm
- Tebal: 342 Halaman
- Cover : Softcover
- Berat : 400 gr
Rastiti maot di kamar mandi, aya nu némbak dina malem panganténan. Nu ngageunjleungkeun téh lain rajapatina, tapi kaahéngan saenggeusna. Sawatara jalma katarajang robah paripolah: réporter awéwé nyaritakeun lampah nirca dina siaran langsung télévisi, nu maéhan Rastiti ujug-ujug nyérénkeun diri, awéwé démplon ngaku saré jeung salaki awéwé bayuhyuh, budak bangor nyarita yén manéhna nu nyababkeun indungna maot, hiji lalaki ngaku jadi bagong nyegik, jeung puluhan kajadian séjénna nu matak harénghéng. Riributan di mana mendi, puluhan jalma nu dianggap ngaliarkeun panyéréwédan tuluy dikerem jadi interniran. Di hiji désa kakurung keueung, sakur jalma sieun katépaan, nu hanaang kakawasaan, cinta nu kemba, asih nu ketir, mitos jeung kahayang nu neuteuli, pagaliwota dina kahirupan masarakat nu dianggap gering: betusna sakur rasiah.