Bulan Rumeuk di Pancuran
Oman komara
- ISBN : 978-979-419-528-4
- Ukuran : 14,5 x 21 cm
- Tebal : 160 Halaman
- Cover : Softcover
- Berat : 300 gr
Ari jurig aya? Aya, cek carita-carita dina ieu buku mah. Bulan Rumeuk di Pancuran kenging Oman Komara ngamuat sawelas carita ngeunaan dedemit. Jurig nu ngabungkeuleuk, ngudag-ngudag jelema, tapi teu kacaturkeun nepi ka nandasa. Malah sabalikna, jelema nu bisa nundung deui ka alamna. Siga dina “Maret”, jurig teh nuturkeun lantaran babawaanana—nu dipalidkeun bareng jeung mayit—dicokot ku nu rek ngala lauk.
Saenyana lain jurig wungkul nu ku urang bisa “katewak” tina ieu buku teh. Gambaran kahirupan di pilemburan, dicaritakeun gemet pisan ku pangarang. Nu maca baris terang rupa-rupa kabiasaan alam harita, tur ayeuna mah boa geus teu aya di kieuna, siga “maret”, “mosong”, “ngobor”, “ngalintar”, “ngabungbang”, jste. Unggal bagian dicaritakeun kalayan ngaguluyur, sakapeung direumbeuy heureuy, matak ngubaran nu kukurayeun. Kilang kitu, kurang hade mun ieu buku dibaca tengah peuting, komo bari nyorangan mah.