Bangkarak Jurnalistik – Lalakon Hiji Jurnalis

Sjarif Amin

  • ISBN : 978-979-419-462-1
  • Ukuran : 14.5 x 21 cm
  • Tebal : 184 Halaman
  • Cover : Softcover
  • Berat : 300 gr

Koran Sipatahoenan teh geus lila teu terbit, tapi ngaranna nepi ka ayeuna masih keneh mindeng disebut-sebut. Naon sababna? Nurutkeun Syarif Amin, lantaran urang Sunda harita ngarasa Sipatahoenan teh jadi kalangkang dirina. Macaan tulisan Syarif Amin dina ieu buku, ngahudang deui kapanasaran ngeunaan kalangkang dirina urang Sunda mangsa ayeuna. ~ Abdullah Mustappa
Kabiruyungan milu macaan karangan-karangan nu disadapurankeun di dieu, kaasup panganteur tinu milihanana. Kayungyun boh ku nu ngareka sastra jeung naratas jurnalisme, boh ku nu mapay raratanana. Sumbangan nu pohara gedena keur kaweruh balarea, utamana tina perkara sajarah sastra jeung jurnalisme Sunda abad ka-20. ~ Hawe Setiawan