Baruang ka nu Ngarora
D.K. ARDIWINATA
- ISBN : 978-979-8002-30-4
- Genre : Novel Sunda
- Ukuran : 14,5 x 21 cm (A5)
- Cover : Softcover
- Jumlah Halaman : 108 halaman
- Berat : 200 gr
Dina Baruang ka nu Ngarora nu ngarangna kalawan hade pisan ngagambarkeun kahirupan masarakat feodal jeung kolonial, nyaeta kaayaan kahirupan masarakat Indonesia (hususna masarakat urang Sunda) dina abad ka-19 katompernakeun. Nyaeta masarakat nu dieksploitasi ku nu ngajajahna ku rupa-rupa jalan, antarana nu mangrupa kultuurstelsel (pelak kopi) jeung ku jalan ngaduhareupankeun kahirupan rahayat jeung kahirupan kaum menak (priyayi).
Nasib anu dilakonan ku Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah teh dina hakekatna mah mangrupa akibat tina kaayaan masarakat nu feodal-kolonial tea. Sabab ngan dina masarakat nu kitu wungkul, jelema cara Aom Usman bisa ngalaksanakeun karep jeung kahayangna kalawan laluasa. ~ Ajip Rosidi