Tanjeur Na Juritan Jaya di Buana
yoseph iskandar
- ISBN : 978-623-7670-11-7
- Genre : Novel Sunda
- Ukuran : 14 x 21 cm (A5)
- Cover : Softcover
- Jumlah Halaman : 164 halaman
- Berat : 300 gr
Tanjeur Na Juritan Jaya di Buana ngagambarkeun kamekaran sajarah jeung kaayaan katut kahirupan urang Sunda dina mangsa di Tatar Sunda ngadeg Karajaan Sunda dina abad ka-14 nepi ka abad ka-16. Kalawan ngagunakeun sumber-sumber tina naskah-naskah Pangeran Wangsakerta jeung naskah-naskah dina basa Sunda kuna anu nepi ka ayeuna geus kabuka ku para ahli, Yoseph tapis pisan ngagambarkeun kahirupan jeung alam pikiran tokoh-tokohna, di antarana Prabu Bunisora Suradipati anu jadi raja Karajaan Sunda sanggeus rakana, Prabu Maharaja Linggabuana tiwas di Bubat, anu geus hasil ngadidik dasar-dasar kawijaksanaan ka Pangeran Niskala Wastu Kancana anu leuwih mentingkeun karaharjaan hirup rayatna ti batan ngagedurkeun peperangan.