Rasiah nu Goreng Patut

Soekria/Joehana

  • ISBN : 978-623-7295-41-9
  • Genre : Novel Sunda
  • Ukuran : 14 x 21 cm (A5)
  • Cover : Softcover
  • Jumlah Halaman : 68 halaman
  • Berat : 200 gr

Rasiah nu Goreng Patut atawa Karnadi Anemer Bangkong, nyaritakeun lalampahan Karnadi, nu pakasabanana kaasup panghina-hinana mangsa haritangala bangkongkitu deui rupana nu kagolongkeun kacida goreng patutna, tur asal-muasalna nu teu puguh. Beda jeung para tokoh nu diangkat dina karya sastra Sunda samemehna nu pasrah kana nasib, tokoh dina ieu novel, boga pamadegan yen hirup mah henteu gumantung kana rupa tapi kana akal-ekolna, keyengna kahayang, kateuneungna, tur kamampuhna dina ngudag eta kahayang. Ku sabab boga paham kitu, wajar lamun Karnadi mikahayang ka nu lain tanding: ka Eulis Awang putra Mas Sura, jelema anu pidunya.