Prabu Anom Jayadewata
yoseph iskandar
- ISBN : 978-623-7670-25-4
- Genre : Novel Sunda
- Ukuran : 21 x 15 cm
- Tebal: 98 Halaman
- Cover : Softcover
- Berat : 250 gr
Pamanahrasa teu wani ngareret-ngareret acan ka pamajikanana. Dirina loba rasa rumasa. Rumasa lain jajaka. Rumasa geus boga pamajikan. Rumasa umurna pajauh jeung Nyai Putri Kentring Manik Mayang Sunda. Leuwih jauhna deui, rumasa teu pantes dirina nyandingkeun nu geulis kawanti-wanti, endahna kabina-bina. Antukna asa percaya asa henteu kana eta kajadian.
Can ge paler ku karumasaanana, Prabu Susuk Tunggal ngabewarakeun ka balarea, yen Pamanahrasa poe eta keneh dijenengkeun jadi Prabu Anom, kalawan jujulukna Prabu Anom Jayadewata.