Wasiat Indung

Deni hadiansah

  • ISBN : 978-623-221-817-8
  • Genre : Kumpulan Carpon
  • Ukuran : 14 x 21 cm
  • Cover : Softcover
  • Berat : 110 gr

Wasiat Indung téh lain sakadar kumpulan carita salalar. Tapi kudu dibaca minangka potrét unak-anik kahirupan rayat leutik, babakuna di pasisian. Di dieu bakal kapanggih rupa-rupa sikep jeung sawangan urang lembur nu basajan dina nyanghareupan kajadian-kajadian aktual (dina jamanna), upamana transmigrasi, kompénsasi BBM, korupsi, nyirorotna moral rumaja, jst. Dibungkus dina réka adegan jeung paguneman nu hirup ti tiap tokohna. Kalan-kalan patingkecewis alatan teu ngarti kana kawijakan pamarétah, sakapeung pacéntal-céntal. Teu saeutik deuih wangkongan nu direumbeuy ku heureuy gé. Éstu matak pogot macana.